Rss
TERIMA KASIH TELAH BERKUNJUNG, JANGAN LUPA KESINI LAGI WWW.AHMAD-SAHID.BLOGSPOT.COM BLOG RESMIAHMAD SAHID, Temukan Info info menarik di blog ini ya
Tampilkan postingan dengan label رسالةالعقائدالد ينية. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label رسالةالعقائدالد ينية. Tampilkan semua postingan

23 Juli 2010

Hukum Syara'

Ari patokan Syara' nyaeta wad'un ilaahiyun saaikun lidzawil'ukulisalimati biktiyarihimul amidati ila ma yasluhu maa dahum wamaa syihim hartina peraturan ti pangeran anu di giringkeun ka jalma anu baroga akal anu salamet kalawan karepna masing masing anu ngahajakeun keur menuju kana kamaslahatan pikeun pang balikan ka akheratna jeung kahirupan di dunya.

21 Juli 2010

Nganyahokeun Hukum

Ari patokaan hukum nyaeta itsbaatu amriliamrin aunafuhu 'anhu hartina netepkeun hiji perkara kana perkara anu sejen atawa ngeweuhkeun hiji perkara tina perkara anu sejen. Iyeu nadzomana :

Ngaran hukum netepkeun hiji perkara
  Kana perkara sejen teu sulaaya


Tawa ngewehkeun perkara tinu sejen
  seperti ngewehkeun apes ti pangeran


Jeung conto netepkeun wajib kana sholat
  Nyabut wenang tina pagewean sholat


Atawa netepkeun pangset kana uyah

Atawa ngewehkeun amis tina uyah


Ari hukum aya tilu sadayana
  Hukum syara, 'akal, 'adat katiluna


Hukum anu tilu Syara pang kuatna
  Tuluy 'akal, 'adat anu pang lemahna

20 Juli 2010

Pangheulana Kawajiban Ka Manusa

Ari pang heulana kawajiban ka sakabeh manusa nyaeta kedah terang ka Gusti Allah bari jeung apal dalilna, sakumaha penjelasan syekh ibnu ruslan dina kitab zubad anu kiyeu unggelna :

awwalual jibin 'alalinsani
   ma'rifatul ilaahibistiqooni


Pang payunna anu wajib ka manusa
   terang ka Allah sarta dalilna bisa

Pikeun nyaho kana Aqaidna iman
  Maka perlu nganyahokeun heula hukum

19 Juli 2010

Nadzdoman rukun Iman

Rukun iman aya genep perkarana        
   Hiji iman ka Allah anu kawasa

Dua iman ka ka para malaikatNa
  Tilu iman kana sadaya kitabNa

Nu ka opat iman ka para RasulNa
  Lima iman kana poe pang ahirna

Nu ka genep iman kana papastenNa
  Tegesna papasten hade jeung gorengna

24 Maret 2010

Muqadimah




      الحمدلله الذي توحد بالقدرة والإفتدار  وتفرد في جميعالأشيياءعن الأعوان و الأنصا ر           صلى الله عليه وسلم وعلى آله وأتباعه وصلاة زكية بلا نفاد   Mangka Ari iyeu risalah teh eta mangrupikeun deresan elmu aqaid anu di ringkes malah mendar tiasa enggal apal sareng ka faham kangge ngarengsekeun kawajiban dina ma'rifat ka gusti Allah ta'ala teu kenging di copy---->paste pami wegah risalahna tiasa sumping ka pasantren minhajul huda

23 Maret 2010

AQAIDUL IMAN

رسالةالعقائدالد ينية Iyeu risalah Aqaidul iman anu wajib di kanyahokeu ku sakabeh jalma anu baleg tur boga akal pikeun ma'rifat ka Gusti Allah sareng ka para rasulna anu wajib di imankeun nana numutkeun perjalannan nana Ahli sunnah waljamaah
 







Postingan iyeu sareng saterasna di candak tina  رسالةالعقائدالد ينية  anu kenging nyusun pun guru anu Jenengan nana
محمد فرقان  di pasantren pendidikan islam Minhajul Huda منهاجالهدى  Albahruddin kampung ciparay desa sukarasa, kacamatan samarang kabupaten garut,
Mugi-mugi sing Manfaat kanggo Pun guru, abdi nyalira (anu ngaposting) sareng ka sadayana kaum muslimin walmuslimat,.. amiin ya robbal alamin

Teu kenging di Copy----> paste   pami wegah risalahna angkat wae ka pasantren  منهاجالهدى   




Ini terjemahan bahasa Indonesianya

Risalah Al aqidu diniyah Adalah  risalah Aqaidul iman yang wajib di ketahui oleh setiap manusia yang sudah balig serta berakal untuk mengetahui kepada Allah dan juga Rasulnya, dengan mengikuti perjalanannya Ahlussunah waljamaah.