Rss
TERIMA KASIH TELAH BERKUNJUNG, JANGAN LUPA KESINI LAGI WWW.AHMAD-SAHID.BLOGSPOT.COM BLOG RESMIAHMAD SAHID, Temukan Info info menarik di blog ini ya

31 Mei 2010

Iyeu Pasal Mertelakeun Najis

Ari najis eta aya rilu < 3 > rupana, nyaeta :
1. Najis Mughaladzoh tegesna najis anu banget hukumna. Nyaeta najis anjing sareung bagong sareng anak-anakna tina salah sahijina anjing sareng bagong.
2. Najis Mukhofafah Tegesna najis anu enteng hukumna, nyaeta saperti cai papang budak lalaki anu umur can dua tahun, sareng acan barang tuang salian ti cai susu ibuna,
3. Najis Mutawasithah, tegesna anu pertengahan hukumna. conto na mah nyaeta najis salian ti anu dua tadi.
Ari carana ngaberesihan najis mugholadzoh nyaeta kudu di kumbah tujuh kali nepi ka ilang rasana ambeuna jeung rupana eta najis, bari salah sahijina anu tujuh kedah di campuran ku taneuh anu suci.


Ari carana ngaberesihan najis mukhofafah nyaeta cukup ku di kepretan cai, sing ka lindih jeung neupi ka ilang sifatna eta najis

0 komentar: